Antosan sakedap...

31 Agustus 2007

Malaysia, Si Loba Gaya

Didéngé-déngé jeung diténjo-ténjo téh Malaysia asa beuki loba gaya! Mangga geura tengetan. Ti saprak Malaysia Malaysia geus hasil 'nyengker' Sipadan jeung Ligitan nepi ka diakuna pisan jadi wilayah manéhna - malah ti saméméhna - asa loba pisan kalakuan 'sodarah serumpun' nu matak tugenah. Kasus TKI nu remen dikaniaya, warga Indonesia nu mindeng disamarutkeun dianggap pendatang haram, kasus-kasus tapel wates nagara, jrrd. Nu panganyarna kasus wasit karaté ti Indonésia nu teu pagah-puguh digebugan (dikoroyok) ku sababaraha urang pulisi Diraja Malaysia nepi ka ngajurahroh teu manggapulia, dirawat di rumah sakit.
foto: kaskus.us
Nu matak mentegeg, pihak Malaysia keukeuh embung ngedalkeun kecap ménta dihampura. Sanajan sacara hukum can kabuktian saha nu salah, tapi sacara diplomatis Malaysia geus sakuduna ménta dihampura, sabab sacara prinsip manéhna boga kawajiban nangtayungan warga nagara asing nu nganjang ka nagarana. Komo deui nu nganjang téh warga nagara sasama anggota ASÉAN. Tapi kanyataanana, Malaysia jiga nu haré-haré. Jiga nu teu boga dosa. Pretend to be innocent!

Waktu Dubes Malaysia datang ka DPR - duka datang sorangan, duka diondang - manehna ngan ukur balangap-belengep bari nyebutkeun kasusna keur diusut. Teu sugan ngomong ménta dihampura, atawa minimalna némbongkeun émpati. Lempeng wé.

Keuheulna téh, éta sang prabu nu nyakrawati ngabahudenda Indonesia, juragan présiden, jiga nu euweuh hojah pisan. Kahayang teh, cik atuh sakalieun aya pasualan jiga kieu mah sing rada nembongkeun wawanén. Pan cék paribasa, sireum gé ari ditincak-tincak teuing mah paéh, éh..ngégél. Ari ieu sakitu harga diri jeung kahormatan bangsa dicacampah, dileyek batur téh kalahka cicing. Atuh puguh meureun batur téh kalah beuki asa aing, beuki gedé hulu, beuki logay (loba gaya).

Jigana baé, nurutkeun panitén analis kampung bau lisung modél kuring, aya sababraha hal anu nyababkeun nagara-nagara tatangga beuki warani ngahina jeung nyacampah kahormatan Indonésia:
  • Maranéhna ngarasa leuwih maju, leuwih ma'mur tibatan Indonesia. Biasa pan, dina kahirupan sapopoé ogé, jelema beunghar jeung pinter (kodék) sok mikawani kanu miskin jeung bodo. Lebah dieuna kudu diaku, memang kanyataanana kitu, gara-gara duit jang ngama'murkeun ra'yat loba dikorup.
  • Sacara diplomatis, Indonesia geus sababraha kali kéok dina pasamoan diplomatik internasional. Lésotna Timor Timur atawa Sipadan Ligitan contona, némbongkeun yén diplomasi Indonésia bener-bener 'mémblé', létoy, jeung céngos. Tangtu di henteu-henteu gé ieu téh mangaruhan kana pangajén ti nagara-nagara séjén. Cék kasarna, Indonésia dianggap euweuh kabelul, dianggap anak bawang.
  • Indonésia kiwari teu boga pamingpin sarta pamaréntahan anu kuat tur dipikasérab ku bangsa deungeun. Lamun urang daék jujur, kapamingpinan Sukarno jeung Suharto - leupas tina sagala kakuranganana - mibanda pamor tur dipikagigis ku bangsa deungeun. Sual kategasan dina nyanghareupan bangsa deungeun, Sukarno jagona.
Tangtu baé analisa ieu téh can tangtu bener, da cék tadi gé ieu mah analisa ti urang kampung nu jajauheun kana rubak ijasah. Tapi ari saukur nyanghareupan Malaysia nu loba gaya mah jigana kuring gé bisa. Carana? Titah balik tah Dubes Malaysia téh ka lemburna, tuman. Kakara meunang balik deui ka Indonésia lamun Pamarentah Malaysia geus ménta dihampura sacara resmi ka Indonésia. Mun keukeuh loba gaya waé, 'ganyang Malaysia'!

'Ésmosi' lah!
Aos seratan sagemblengna...